Tuesday, June 26, 2018

Contoh Da'wah Walimatul Arusy ROMANTIS (Rohmat,Mawadah,Ni'mat,Istiqomah)

Assalamu'alaikum Wr.Wb



Puji sinareng puja hayu urang panjatkeun ka Dzat nu Maha Gagah, nyatana Alloh nu maha rohmah, anu parantos ngajantenkeun hiji ibadah anu kacida ngeunah, nyatana nikah. Eta ge cenah saur anu pernah. Waas lamun nikah hukumna ulah, lalaki pasti rieut sirah,?? ngan sirahna sirah anu bawah, komo lamun nikah hukumna ulah, awewe pasti leuwih parah.
 Sholawat sinareng salam, mugia dikintunkeun ka baginda Nabi. Nabi sejati anu panutup para Nabi, anu mana baginda nabi istrina langkung ti hiji, tapi adilna kawanti teu ciga lalaki jaman kiwari, ari hayang poligami, tapi boro-boro adil,nu aya ge sok nganyenyeri. Atuh sabenerna lamun ibu boga salaki embung poligami carana gampang. Kantun usahakeun sadaya ibu-ibu ulah ngolotan. Intina tong jadi nini, insyaalloh salaki moal poligami..
(PENGHORMATAN)
 Hadirin rohimakumullah.... Ari nikah teh hukumna sunah saur nembe oge, numawi rosul nyaurkeun
النكاح سنتى فمن رغب عن سنتى فليس منى
” Nikah teh mangrupa sunnat kami, sahajalma anu teu mika resep kana sunat kami, lain ummat kami.
Tatapi sok sanaos hukumna sunnat, tapi lamun tina upacara nikah eta ngayakeun walimah, tuluy ngintunkeun ondangan ka tiap imah, maka anu di ondangna kudu hadir ka eta walimah, sabab nyumpingan walimatunnikah hukumna wajib, teu meunang ulah.!! Dina salah sawios katerangan dicarioskeun “
اذا دعي الى وليمة فليأتيها
 ‘’dimana diondang ka walimah (nikah) maka kudu daratang’’.
Alhamdulillah matakna oge ti isuk nepika wengi anu arondangan teu liren...rea timana-mana kalayan nyandak tujuan anu mulya :
1. Nyumponan kawajiban
 2. Ngado’akeunti kacaketan
 3. Meakkeun parasmanan..hehe
Hadirin rohimakumulloh.... Sateu acan simkuring ngajelaskeun masalah anu pakuat pakait sreng masalah nikah, urang dangukeun heula dawuhan Alloh surat Arrum 21 :
ومن اياته ان خلق لكم من أنفسكم أزواجا لتسكنوا اليها
Hartosna: ‘’Tina sapalihna tanda-tanda kakawasaan Gusti Alloh nyaeta nyiptakeun urang sadayana teh kalayan berpasang-pasangan.’’
 Kacida seeurna upami ku urang disebatan hiji-hijimah sadayana papasangan anu diciptakeun ku gusti Alloh di bumi ieu teh. Nu jelas ieu panganten anu parantos resmi janten pasutri (pasangan suami istri) alias ngajodo tea ieu teh kalebet kana tanda-tanda kakawasaan Alloh swt. leres ? ibu...bapa....aya anu nikah teh beda lembur?? carogena orang cioray, bojona orang cimaung..”atuh tos nikah teh pasea wae da adatna maung jeung oray! ! !. Aya anu nikah teh beda daerah, carogena orang sunda bojona urang sumatra..nikahna pajauh, keur bobogohanna oge kabogoh jauh, pok teh ngalagu
boga kabogoh jauh meuntas laut leuweung gunung,
dasar jodo teu linglung, pitulung gusti nu agung.
 Bahkan teu saalit aya nikah beda nagara, Salakina si asep orang garut tapi tiasa kawin jeung si jesika orang jerman (bule). Hehe Jauh di jugjug anggang di teang, eta sadayana mangrupa buktos tanda-tnda kakawasaan Alloh swt.
Hadirin rohimakumulloh ..... Dina hal ieu tanda-tanda kakawasaan gusti Alloh teh kacida nyampak dipayuneun urang sadayana bahwa diciptakeunna jang ...... (ngaran panganten PA) ieu teh mangrupakeun jodo neng ...... (ngaran panganten PI) malihan lain wungkul dina segi Istri jeung pamegetna wungkul. Tapi dina babawananna oge nandakeun sapasang-sapasang. Naon bawaannana?? jang ...... nikah ka neng ..... pastina cacandakan, anu mana cacandakana upami jang ..... nyandak ATM (alat tusuk manual) upami neng ..... nyandak BTN (Bolong tengah na).Leres?
Namung tujuan dina papasangan / pajodohan ieu lain kanggo cinta satu malam. Sanes kango mobil bergoyang. Komo buka dikit jos mah. Tapi intina nyaeta لتسكن    supaya datangna katentreman. Ku hal sakitu saba'da ieu panganten tos ngajodo, sah jadi pasangan PASUTRI. Urang pupuk sareng urang do'a keun supaya rumah tanggina bisa nimbulkeun Sakinah, mawaddah warohmah. Amiin
Hadirin rohimakumulloh ...... Timbulna tentrem dina ngajalankeun rumah tangga anu teu sakedap, moal bisa datang hampang.... tatapina kudu make cara kumaha cara na tadz ? nyaeta .....
Kasawah naek kareta Disupiran ku masinis
                     Lamun nikah landasan agama Kahirupan bakal romantis
Kasawah naek perahu Disupiran ku kondektur
         Lamun nikah ku hawa nafsu Kahirupan bakal ancur.
Bahwasana hadirin nikah anu nimbulkeun katentreman atawa saur simkuring dina pantun tadi mah nyaeta ROMANTIS artina (Rohmat, Mawaddah, Ni'mat & Istiqomah). Teu aya sanes iwalti landasan nikah na kudu make agama. Agama naon ? tinangtos agama islam.
Da nikah landasanna kana nafsu mah bujeng romantis tea, atawa datangna katentreman simkuring ngajamin rumah tangga nu kitu mah bakal meusbut (meueus-meueus ribut) leres....! !! conto nu karna nafsu “keur kakara kawin mah, jangankan mau keluar, ke kamar pun bergandengan” geus kawin boga budak 5 mah, bujeng-bujeng ka kamar, ka ondangan oge leumpang teh beda 3 meter jarakna.! !!
Keur mimiti kawin mah da ku geulis tea disebutna pamajikan aing ciga si ang...gun, budak borojol mah pamajikan ngalintuhan di sebutna ge Si ang....ribet! !!. anyaran kawin mah istri jeung suami saling perhatian dugika pamajikan labuh ge ceuk pamajikanna teh “aa...mbis peanna ecet” dipangku ku salakina,betul !!! da geus boga budak 7 mah pamajikan labuh “aa geubis” ceuk salakina “ari leumpang neuleu geura sia teh !!!” intina moal awet geulis mah 10 taun bisa luntur, harta mah moal dibawa ka kubur, tapi agama rek puluhan taun oge awet salilana...leres bu....? numawi hadirin mun nikah landasanna agama maka saur nembe bakal timbul romantis tea...
Hadirin mhimakumulloh.... Nu jadi pertanyaan kumaha ari nikah anu sae menurut agama teh ?jawabana.
1.       S'alakina anu beragama
Salaki anu beragama teh lain anu wungkul bisa jago gelut ketika aya nu macem-macem ka pamajikan. Balikta anu bisa mere nafakah boh dzohir atanapi batin. Bisa mere imah, tur bisa ngawarah, bisa mere baju tur anu bisa ngadidik ku elmu. Malah khususna ka para salaki sing kabita yeuh bahwa mere Nafakah teh ageung pisan ganjarannana. Saur rosul :
دينارا أنفته في سيل الله وأنفته على رقة وأنفقته على أهلك اعظمها اجر ادينارأنفقته على أهلك
”Duit (dinar) nu dipake nafakah pikeunjala” ”yatim, ngamerdekakeun abid jeung nafakah keur kulawargina (pamajikan jeung budakna) pang gede-gedena ganjaran teh anu dinafakahkeun ka kulawargana.’’
 Mudahmudahan sing kabita. Jadi salaki anu beragama teh anu bisa mere nafakah dzohir sareng batin pikeun pamajikan nana ” Ibu-ibu mah nyarengir, atoooh!! mudah mudahan salaki aing ngadengekeun cenah..ngarah resiko ker dapur ulah hayu wae goceng. .hehe
2.       Pamajikan anu beragama
Pamajikan Lain anu geulis, seksi, bohay, tatapina kahiji
اذا نظرت اليها سرتك
 ”dimana dipandang oleh si abang selalu membuat senang”.
Ada uang terlihat sayang, walau tak ada uang tak menjadi tegang, mun peuting abang pulang, senyumna datang, ngajak tataranjang, mukakeun kutang, dibuat merangsang, siap berperang, dari malam sampai adzan subuh berkumandang, hehe....intina dimana-mana di tingali ku salaki, pikabungaheun nujadi salakina. Nu kaduana
واذا أمرتها أطا عتك
,’’ Dimana-mana di parentah ku nu jadi salakina turut tara ngalawan.’’
dimana diparentah oleh suaminya selalu to'at. TO‘atna lain karna ningali usaha salaki manjur, tapi Sanajan usahana ancur oge tetaplah akur. Ulah nolak mun dititah ku salaki teh ibu....l! kahade nya....!! bujeng-bujeng ibu dititah ngalakonan hiji perkara anu hese, ibu wantun nolak di benduan ku gusti Alloh. Malah diajak intim (sare bareng anu ngeunah) oge pamajikanna nolak, bakal dibenduan ku malaikat. Sakumaha hadis anu diriwayatkeun Abu Hurairoh:
اذا دعا الرجل امراته الى فراسه فأبت فبات غضبان عليها لعنتها الملائكة حتى تصبح
Hartosna : “dimana salaki ngaj ak istrina ka tempat sare heg istrina nolak, tuluy salaki sare bari ngambek, pasti eta istri dilaknat ku malaikat dugika subuh”.
            Jadi hadirin, khusus ka panganten istri umum ka ibut-ibu mun diparentah ku caroge teh montong nolak !! conto ieu mah isuk-isuk si bapa na rek digawe hayang ' pangnyieunkeun kopi ku pamajikan wae mani sesentak‘ ‘cik atuh nyieun kopi-kopi wae meni kudu ku aing”, teu apal aing teh kudu sasapu,ngepel, ngamandian budak, nyeuseuhan baju, boga kokod teh meni embung usikpisan!!!!@@.Aya nu kitu?
Atawa sakalian daek nyuguhan bari jamedud, ciga nu kapaksa nyieun kopi keur salaki, ciga anu kapaksa ,da ka tingali, nyieun kopina ge salah, nu tadina nyieun kopi dicampur gula, ieu salah nyokot malah dicampur rinso, da embungeun tea, atuh geus ngopi teh salakl modar.
Hadirin rohimakumulloh ..... Pada intina ketika lalaki (caroge) tos nikah ka istri bari landasan nikahna karena agama. Teras dina menjalani kehidupan oge make agama, insyaalloh rumah tangga bakal dilungsuran romantis ku gusti Alloh. R0, rohmat. Ma, mawaddah (nyaah tea) N, nikmat (karasana) IS (istiqomah) / awet salilana. Amiiiin Sakitu wae anu kapihatur, mugia seueur manfaatna, .
Kalo ada sumur di ladang boleh kzta men umpan g mandi ,
mandina sareng istri ' . Kalo ada umur yang panjang. Bole kita berjumpa lagi dengan saya sebagal santri
 Wasalam...
sumber : barudak santri komedi
               image ;https://www.hipwee.com

Monday, June 4, 2018

Contoh Da'wah SUNAMI (Syukur Nambahan Milik)


             SUNAMI
(Syukur Nambahan Milik)
                                                Assalamu’alaikum Wr.Wb.
                                الحمد لله الدي امرنا باالشكر للنعم وخلق الانسان في اهدث العلام
                        وصلاة والسلام رسول الختام سيدنا محمدذى الجلال والكرام وعل
                        اليه وصبه والتابعين لهم بالاحسان اما بعد)
                        قال الله تعتالى : لئن شكرتم لأزيدنكم زلئن كفرتم ان عدابي لشديذ                                                                     
Puja sinareng puji urang panjatkeun ka zat anu maha kuat nyatana Alloh anu maha rohmat, anu parantos masihan ni’mat, anu kacida lebat, anu mana eta ni’mat, saalit oge datangna can pernah telat, komo dugi ka sa’at, salamina tumiba ka diri teu kendat – keundat,tapi hanjakal, seueur anu lepat, mopohokeun kana ni’mat, anu sakedahna di syukuran teu kaliwat, malah kufur kana ni’mat.
Na’udzu bilah.
Sholawat sinareng salam, mugia salamina di kocor golontorkeun ka dunungan urang sadaya,anu mana pimpinan anu tegap nu tara mensuap. Pimpinan anu amanah anu tara maen jarah. Nyatana baginda nabi muhammad SAW.
Alhamdulillah dina ieu ka sempatan, urang sadayana masih tiasa ngariung jeung anu di tiung, caricing jeung anu make lejing.Silaturahmi jeung anu make peci, malah mah anu teu make peci oge tetep bisa ngahiji betul???, malah silih teupang jeung anu rambutna pirang, bisa ngajeudog jeung anu rambutna jogjrog, malah penak jeung anu botak, aya anu botak aya?? Nu botak the kawas naon ceu?? Kawas tuyul…teu sopan !!! teu sakabeh tuyul eta botak, tap setiap anu botak eta tuyul..hehee.
                Mung teu aya sanes intina kempel urang dina ieu wengi senja silaturahmi bari tolabul ilmi.
Alhamdulilah
                Namung hapunteun, sateuacan na sim abdi nyingkap keun lebar demi lembar, materi demi materi, ku abdi bade di judulan heula ieu pangaosan anu mana judulna SUNAMI
                Hadirin rohimakumulloh…….
Sadayana pasti bingung, kunaon simkuring bet nerangkeun sunami? Maka dari itu simkuring ngahimbau ka sadayana ngajina ulah sapotong-sapotong sing nepika rengse, setuju??
                Cung we nu naroskeun, naon atuh sunami teh? Memeh di jelaskeun, simkuring naros heula ka sadayana wios? Pertarosan saaliit we, kira-kira urang hoyong teu di pasihan sunami!!??pasti sadayana kompak ngajawab ALIIIM. Betul,,,,
                Tapi lamun di taros hoyong di pasihan SUAMI….? Tapi sanes alim ngajawabna tapi AMIN,,,,
Komo anu kaleresan PARKO (parawan kolot) atawa DAKOSAN ( randa kolot pisan ) pasti hoyongeun pisan, betul!!! Hehee
Moal aya anu setuju mun di pasihan sunami. Malah cek paripaos lamun naya nawaran ka orang sunda “ euce hoyong ka sumpingan  tsunami?” pasti ngajawabna ih,,,,AJEB-AJEB hartina teh “amit-amit jabang bayi”,,,,,betuul
                Nawaran deui ka urang betawi “bu, pa, cing, cang, kire-kire kite mau gak ni di satrongi ame sunami?” pastinye enyang jawab bakal gini “kite lo aje kali gue eunga !!! nu pasti mah moal aya nu ridoeun. Kunaon sababna da eta nu ka bayang teh sunami mang rupakeun musibah anu matak pikapauren.
Ombak badag nu ngaIgebray
Ngancurkeun imah nu ngantay
Hese lumpat hese ngojay
Sunami mangrupa balay

Ibu….bapa….leres kitu….? Tapi tong hawatos, sanes sunami eta anu bade dijelaskeun ku abdi. Tetapina sunami anu bade di jelaskeun, sunami anu hartosna teh Sukur Nambihan Milik
                Naon ceunah bu? ( tanya ka mustami )
Timbul weh hiji pertanyaan, naha leres orang-orang anu sering syukuran bakal di tambihan milikna, rizkina, sareng ni’mat ku gusti Alloh?? Yu urang jawab ku dauhan Alloh SAW
Dina Al-Quran …
لئن شكرتم لأزيد نكم ولئن كفرتم ان عذابي لشدي                                                   
Hartosna:
“ Saha jalma anu syukuran kana nimat ti pangeran tangtu alloh rek nambahan kana eta kani’matan”
( di nadomkeun )
                Malihan mun di ibaratkeun mah jalma anu syukuran teh lir ibarat anu ngiridit motor ti deler. Percanten teu bu? Cik gera urang samikeun nya. Conto mang midun ngiridit motor. Motorna merek mio  terang mio? Mio teh ( motor iuran oge ) atawa supra ( setoran unggal poe rieut aing mah ). Anu mana di mana urang ngiridit katangtosan nana kudu nyetoran tiap sabulan sakali anu agengna aya anu 500 rebu 400 rebu, benten-benten….leres,,,,!! Atuh di mana-mana eta motor rutin di setoran ku urang lambat laun motorna oge karaos ni’mat di anggona. Tah ni’mat oge lamun di syukuran bakal tambih-tambih leres teu..??
                Tapi lamun urang nyetoran na rada kebluk, mayarna ka delerna teu rutin,januwari & febwuari mayar, jol maret heunteu. Pasti ti delerna mere surat tagihan, maksimal namah motor anu ku urang di pake bisa jadi di bawa deui secara paksa!!
                Sami halna jeung ni’mat anu mana Alloh SWT. teu pernah telat masihan ni’mat ka urang. Malah mandar ku anjeunamah di sampurnakeun ni’matna pikeun urang. Sakumaha dauhan nana :
                                                                ويتم نعمته
            Jeung parantos nyampurnakeun kami Alloh kana ni’mat maraneh kabeh
                 Tetapina eta ni’mat lamun teu di syukuran ka gusti alloh, maka pasti hasilna:
Kahiji sumping peringatan ti gusti Alloh ku mang pirang-pirang teguran nana. Conto sirah migren, irung nongtot leho, suku rematik, cangkeng encok, tah kudu waspada boa-boa eta teh peringatan ti Alloh,ka urang anu tara syukuran ka Anjeuna. Malah lamun urang ngger tara sukuran mah,
Bisa jadi ni’mat anu aya dina diri bakal di canak ku anu gaduhna. Harta beak,usaha ruksak, hirup balangsak, napas sesak, malahan ajal datang urang moal bisa ngelak. Sabab urang ges wani-wani kuffur kana eta ni’mat.
                                                                ولئن كفرتم ان عذابي لشديد
Hartosna: “Lamun anjeun kupur kana ni’mat ti pangeran, maka saestuna siksa alloh eta anu banget”.
Hadirin rohimakumulloh….
Ku hal sakitu ti ayeuna urang ulah hilap bersyukur ku jalan
                                                                صرف العبد جميع ما انعم الله به
                        Nasorupkeun sagala pamasihan anjeuna ku di pake ibadah di pake to’at
                Gering oge eling, pinter di pake bener, bodo oge di pake milarian kayaho. Beunghar di pake jeumbar, malarat oge ibadah ulah keundat-keundat. Mudah-mudahan ku jalan eta,urang termasuk jalma-jalma anu manjatkeunayukur ka dzat anu maha ghofur. Atuh sugan we ku eta syukur ni’mat urang moal kabur,malah tiasa nambihan kalayan mancur. Da hakikatna lamun urang getol bersyukur, di dunia moal lapur, maot dijero kubur, senantiasa aya anu ngahibur, di aherat ge bakal makmur……
Mung sakitu anu tiasa di sanggemkeun mudah-mudahan seeur manfaatna
Klw ada jarum yang patah
Jangan di simpan di dalam laci
Lamun sim kuring parantos da’wah
Kade amplopna sing kaharti
Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatu.

Contoh Da'wah Walimatul Arusy ROMANTIS (Rohmat,Mawadah,Ni'mat,Istiqomah)

Assalamu'alaikum Wr.Wb Puji sinareng puja hayu urang panjatkeun ka Dzat nu Maha Gagah, nyatana Alloh nu maha rohmah, anu parant...