Assalamu'alaikum Wr.Wb
Puji sinareng puja hayu urang panjatkeun
ka Dzat nu Maha Gagah, nyatana Alloh nu maha rohmah, anu parantos ngajantenkeun
hiji ibadah anu kacida ngeunah, nyatana nikah. Eta ge cenah saur anu pernah.
Waas lamun nikah hukumna ulah, lalaki pasti rieut sirah,?? ngan sirahna sirah
anu bawah, komo lamun nikah hukumna ulah, awewe pasti leuwih parah.
Sholawat sinareng salam, mugia dikintunkeun ka
baginda Nabi. Nabi sejati anu panutup para Nabi, anu mana baginda nabi istrina
langkung ti hiji, tapi adilna kawanti teu ciga lalaki jaman kiwari, ari hayang
poligami, tapi boro-boro adil,nu aya ge sok nganyenyeri. Atuh sabenerna lamun
ibu boga salaki embung poligami carana gampang. Kantun usahakeun sadaya ibu-ibu
ulah ngolotan. Intina tong jadi nini, insyaalloh salaki moal poligami..
(PENGHORMATAN)
Hadirin rohimakumullah.... Ari nikah teh
hukumna sunah saur nembe oge, numawi rosul nyaurkeun
النكاح سنتى فمن رغب عن سنتى فليس منى
” Nikah teh mangrupa sunnat kami, sahajalma anu teu mika resep
kana sunat kami, lain ummat kami.
Tatapi sok sanaos hukumna sunnat,
tapi lamun tina upacara nikah eta ngayakeun walimah, tuluy ngintunkeun ondangan
ka tiap imah, maka anu di ondangna kudu hadir ka eta walimah, sabab nyumpingan
walimatunnikah hukumna wajib, teu meunang ulah.!! Dina salah sawios katerangan
dicarioskeun “
اذا دعي الى وليمة فليأتيها
‘’dimana diondang ka walimah (nikah)
maka kudu daratang’’.
Alhamdulillah matakna oge ti isuk
nepika wengi anu arondangan teu liren...rea timana-mana kalayan nyandak tujuan
anu mulya :
1. Nyumponan kawajiban
2. Ngado’akeunti kacaketan
3. Meakkeun parasmanan..hehe
Hadirin rohimakumulloh.... Sateu
acan simkuring ngajelaskeun masalah anu pakuat pakait sreng masalah nikah,
urang dangukeun heula dawuhan Alloh surat Arrum 21 :
ومن اياته ان خلق لكم من أنفسكم أزواجا لتسكنوا اليها
Hartosna: ‘’Tina sapalihna
tanda-tanda kakawasaan Gusti Alloh nyaeta nyiptakeun urang sadayana teh kalayan
berpasang-pasangan.’’
Kacida seeurna upami ku urang disebatan
hiji-hijimah sadayana papasangan anu diciptakeun ku gusti Alloh di bumi ieu
teh. Nu jelas ieu panganten anu parantos resmi janten pasutri (pasangan suami
istri) alias ngajodo tea ieu teh kalebet kana tanda-tanda kakawasaan Alloh swt.
leres ? ibu...bapa....aya anu nikah teh beda lembur?? carogena orang cioray,
bojona orang cimaung..”atuh tos nikah teh pasea wae da adatna maung jeung oray!
! !. Aya anu nikah teh beda daerah, carogena orang sunda bojona urang
sumatra..nikahna pajauh, keur bobogohanna oge kabogoh jauh, pok teh ngalagu
boga
kabogoh jauh meuntas laut leuweung gunung,
dasar
jodo teu linglung, pitulung gusti nu agung.
Bahkan teu saalit aya nikah beda nagara,
Salakina si asep orang garut tapi tiasa kawin jeung si jesika orang jerman
(bule). Hehe Jauh di jugjug anggang di teang, eta sadayana mangrupa buktos
tanda-tnda kakawasaan Alloh swt.
Hadirin rohimakumulloh ..... Dina
hal ieu tanda-tanda kakawasaan gusti Alloh teh kacida nyampak dipayuneun urang
sadayana bahwa diciptakeunna jang ...... (ngaran panganten PA) ieu teh
mangrupakeun jodo neng ...... (ngaran panganten PI) malihan lain wungkul dina
segi Istri jeung pamegetna wungkul. Tapi dina babawananna oge nandakeun
sapasang-sapasang. Naon bawaannana?? jang ...... nikah ka neng ..... pastina
cacandakan, anu mana cacandakana upami jang ..... nyandak ATM (alat tusuk
manual) upami neng ..... nyandak BTN (Bolong tengah na).Leres?
Namung tujuan dina papasangan /
pajodohan ieu lain kanggo cinta satu malam. Sanes kango mobil bergoyang. Komo
buka dikit jos mah. Tapi intina nyaeta لتسكن supaya
datangna katentreman. Ku hal sakitu saba'da ieu panganten tos ngajodo, sah jadi
pasangan PASUTRI. Urang pupuk sareng urang do'a keun supaya rumah tanggina bisa
nimbulkeun Sakinah, mawaddah warohmah. Amiin
Hadirin rohimakumulloh ......
Timbulna tentrem dina ngajalankeun rumah tangga anu teu sakedap, moal bisa
datang hampang.... tatapina kudu make cara kumaha cara na tadz ? nyaeta .....
Kasawah naek
kareta Disupiran ku masinis
Lamun nikah landasan agama
Kahirupan bakal romantis
Kasawah naek
perahu Disupiran ku kondektur
Lamun nikah ku hawa nafsu Kahirupan
bakal ancur.
Bahwasana hadirin nikah anu
nimbulkeun katentreman atawa saur simkuring dina pantun tadi mah nyaeta
ROMANTIS artina (Rohmat, Mawaddah, Ni'mat & Istiqomah). Teu aya sanes iwalti
landasan nikah na kudu make agama. Agama naon ? tinangtos agama islam.
Da nikah landasanna kana nafsu mah
bujeng romantis tea, atawa datangna katentreman simkuring ngajamin rumah tangga
nu kitu mah bakal meusbut (meueus-meueus ribut) leres....! !! conto nu karna
nafsu “keur kakara kawin mah, jangankan mau keluar, ke kamar pun bergandengan”
geus kawin boga budak 5 mah, bujeng-bujeng ka kamar, ka ondangan oge leumpang
teh beda 3 meter jarakna.! !!
Keur mimiti kawin mah da ku geulis
tea disebutna pamajikan aing ciga si ang...gun, budak borojol mah pamajikan
ngalintuhan di sebutna ge Si ang....ribet! !!. anyaran kawin mah istri jeung
suami saling perhatian dugika pamajikan labuh ge ceuk pamajikanna teh
“aa...mbis peanna ecet” dipangku ku salakina,betul !!! da geus boga budak 7 mah
pamajikan labuh “aa geubis” ceuk salakina “ari leumpang neuleu geura sia teh
!!!” intina moal awet geulis mah 10 taun bisa luntur, harta mah moal dibawa ka
kubur, tapi agama rek puluhan taun oge awet salilana...leres bu....? numawi
hadirin mun nikah landasanna agama maka saur nembe bakal timbul romantis tea...
Hadirin mhimakumulloh.... Nu jadi
pertanyaan kumaha ari nikah anu sae menurut agama teh ?jawabana.
1.
S'alakina anu
beragama
Salaki
anu beragama teh lain anu wungkul bisa jago gelut ketika aya nu macem-macem ka
pamajikan. Balikta anu bisa mere nafakah boh dzohir atanapi batin. Bisa mere
imah, tur bisa ngawarah, bisa mere baju tur anu bisa ngadidik ku elmu. Malah
khususna ka para salaki sing kabita yeuh bahwa mere Nafakah teh ageung pisan
ganjarannana. Saur rosul :
دينارا أنفته
في سيل الله وأنفته على رقة وأنفقته على أهلك اعظمها اجر ادينارأنفقته على أهلك
”Duit (dinar) nu dipake nafakah pikeunjala”
”yatim, ngamerdekakeun abid jeung nafakah keur kulawargina
(pamajikan jeung budakna) pang gede-gedena ganjaran teh anu dinafakahkeun ka
kulawargana.’’
Mudahmudahan sing kabita. Jadi salaki anu
beragama teh anu bisa mere nafakah dzohir sareng batin pikeun pamajikan nana ”
Ibu-ibu mah nyarengir, atoooh!! mudah mudahan salaki aing ngadengekeun
cenah..ngarah resiko ker dapur ulah hayu wae goceng. .hehe
2.
Pamajikan anu
beragama
Pamajikan Lain anu geulis, seksi, bohay, tatapina kahiji
اذا نظرت
اليها سرتك
”dimana dipandang oleh si
abang selalu membuat senang”.
Ada uang terlihat sayang, walau tak ada uang tak menjadi tegang, mun
peuting abang pulang, senyumna datang, ngajak tataranjang, mukakeun kutang,
dibuat merangsang, siap berperang, dari malam sampai adzan subuh berkumandang,
hehe....intina dimana-mana di tingali ku salaki, pikabungaheun nujadi salakina.
Nu kaduana
واذا
أمرتها أطا عتك
,’’
Dimana-mana di parentah ku nu jadi salakina turut tara ngalawan.’’
dimana diparentah oleh suaminya selalu to'at. TO‘atna lain
karna ningali usaha salaki manjur, tapi Sanajan usahana ancur oge tetaplah
akur. Ulah nolak mun dititah ku salaki teh ibu....l! kahade nya....!!
bujeng-bujeng ibu dititah ngalakonan hiji perkara anu hese, ibu wantun nolak di
benduan ku gusti Alloh. Malah diajak intim (sare bareng anu ngeunah) oge
pamajikanna nolak, bakal dibenduan ku malaikat. Sakumaha hadis anu
diriwayatkeun Abu Hurairoh:
اذا دعا
الرجل امراته الى فراسه فأبت فبات غضبان عليها لعنتها الملائكة حتى تصبح
Hartosna : “dimana salaki ngaj ak istrina ka tempat sare heg
istrina nolak, tuluy salaki sare bari ngambek, pasti eta istri dilaknat ku
malaikat dugika subuh”.
Jadi
hadirin, khusus ka panganten istri umum ka ibut-ibu mun diparentah ku caroge
teh montong nolak !! conto ieu mah isuk-isuk si bapa na rek digawe hayang '
pangnyieunkeun kopi ku pamajikan wae mani sesentak‘ ‘cik atuh nyieun kopi-kopi
wae meni kudu ku aing”, teu apal aing teh kudu sasapu,ngepel, ngamandian budak,
nyeuseuhan baju, boga kokod teh meni embung usikpisan!!!!@@.Aya nu kitu?
Atawa sakalian daek nyuguhan bari
jamedud, ciga nu kapaksa nyieun kopi keur salaki, ciga anu kapaksa ,da ka tingali,
nyieun kopina ge salah, nu tadina nyieun kopi dicampur gula, ieu salah nyokot
malah dicampur rinso, da embungeun tea, atuh geus ngopi teh salakl modar.
Hadirin rohimakumulloh ..... Pada
intina ketika lalaki (caroge) tos nikah ka istri bari landasan nikahna karena
agama. Teras dina menjalani kehidupan oge make agama, insyaalloh rumah tangga
bakal dilungsuran romantis ku gusti Alloh. R0, rohmat. Ma, mawaddah (nyaah tea)
N, nikmat (karasana) IS (istiqomah) / awet salilana. Amiiiin Sakitu wae anu
kapihatur, mugia seueur manfaatna, .
Kalo ada sumur di ladang boleh kzta
men umpan g mandi ,
mandina sareng istri ' . Kalo ada
umur yang panjang. Bole kita berjumpa lagi dengan saya sebagal santri
Wasalam...
sumber : barudak santri komediimage ;https://www.hipwee.com
No comments:
Post a Comment