Monday, June 4, 2018

Contoh Da'wah SUNAMI (Syukur Nambahan Milik)


             SUNAMI
(Syukur Nambahan Milik)
                                                Assalamu’alaikum Wr.Wb.
                                الحمد لله الدي امرنا باالشكر للنعم وخلق الانسان في اهدث العلام
                        وصلاة والسلام رسول الختام سيدنا محمدذى الجلال والكرام وعل
                        اليه وصبه والتابعين لهم بالاحسان اما بعد)
                        قال الله تعتالى : لئن شكرتم لأزيدنكم زلئن كفرتم ان عدابي لشديذ                                                                     
Puja sinareng puji urang panjatkeun ka zat anu maha kuat nyatana Alloh anu maha rohmat, anu parantos masihan ni’mat, anu kacida lebat, anu mana eta ni’mat, saalit oge datangna can pernah telat, komo dugi ka sa’at, salamina tumiba ka diri teu kendat – keundat,tapi hanjakal, seueur anu lepat, mopohokeun kana ni’mat, anu sakedahna di syukuran teu kaliwat, malah kufur kana ni’mat.
Na’udzu bilah.
Sholawat sinareng salam, mugia salamina di kocor golontorkeun ka dunungan urang sadaya,anu mana pimpinan anu tegap nu tara mensuap. Pimpinan anu amanah anu tara maen jarah. Nyatana baginda nabi muhammad SAW.
Alhamdulillah dina ieu ka sempatan, urang sadayana masih tiasa ngariung jeung anu di tiung, caricing jeung anu make lejing.Silaturahmi jeung anu make peci, malah mah anu teu make peci oge tetep bisa ngahiji betul???, malah silih teupang jeung anu rambutna pirang, bisa ngajeudog jeung anu rambutna jogjrog, malah penak jeung anu botak, aya anu botak aya?? Nu botak the kawas naon ceu?? Kawas tuyul…teu sopan !!! teu sakabeh tuyul eta botak, tap setiap anu botak eta tuyul..hehee.
                Mung teu aya sanes intina kempel urang dina ieu wengi senja silaturahmi bari tolabul ilmi.
Alhamdulilah
                Namung hapunteun, sateuacan na sim abdi nyingkap keun lebar demi lembar, materi demi materi, ku abdi bade di judulan heula ieu pangaosan anu mana judulna SUNAMI
                Hadirin rohimakumulloh…….
Sadayana pasti bingung, kunaon simkuring bet nerangkeun sunami? Maka dari itu simkuring ngahimbau ka sadayana ngajina ulah sapotong-sapotong sing nepika rengse, setuju??
                Cung we nu naroskeun, naon atuh sunami teh? Memeh di jelaskeun, simkuring naros heula ka sadayana wios? Pertarosan saaliit we, kira-kira urang hoyong teu di pasihan sunami!!??pasti sadayana kompak ngajawab ALIIIM. Betul,,,,
                Tapi lamun di taros hoyong di pasihan SUAMI….? Tapi sanes alim ngajawabna tapi AMIN,,,,
Komo anu kaleresan PARKO (parawan kolot) atawa DAKOSAN ( randa kolot pisan ) pasti hoyongeun pisan, betul!!! Hehee
Moal aya anu setuju mun di pasihan sunami. Malah cek paripaos lamun naya nawaran ka orang sunda “ euce hoyong ka sumpingan  tsunami?” pasti ngajawabna ih,,,,AJEB-AJEB hartina teh “amit-amit jabang bayi”,,,,,betuul
                Nawaran deui ka urang betawi “bu, pa, cing, cang, kire-kire kite mau gak ni di satrongi ame sunami?” pastinye enyang jawab bakal gini “kite lo aje kali gue eunga !!! nu pasti mah moal aya nu ridoeun. Kunaon sababna da eta nu ka bayang teh sunami mang rupakeun musibah anu matak pikapauren.
Ombak badag nu ngaIgebray
Ngancurkeun imah nu ngantay
Hese lumpat hese ngojay
Sunami mangrupa balay

Ibu….bapa….leres kitu….? Tapi tong hawatos, sanes sunami eta anu bade dijelaskeun ku abdi. Tetapina sunami anu bade di jelaskeun, sunami anu hartosna teh Sukur Nambihan Milik
                Naon ceunah bu? ( tanya ka mustami )
Timbul weh hiji pertanyaan, naha leres orang-orang anu sering syukuran bakal di tambihan milikna, rizkina, sareng ni’mat ku gusti Alloh?? Yu urang jawab ku dauhan Alloh SAW
Dina Al-Quran …
لئن شكرتم لأزيد نكم ولئن كفرتم ان عذابي لشدي                                                   
Hartosna:
“ Saha jalma anu syukuran kana nimat ti pangeran tangtu alloh rek nambahan kana eta kani’matan”
( di nadomkeun )
                Malihan mun di ibaratkeun mah jalma anu syukuran teh lir ibarat anu ngiridit motor ti deler. Percanten teu bu? Cik gera urang samikeun nya. Conto mang midun ngiridit motor. Motorna merek mio  terang mio? Mio teh ( motor iuran oge ) atawa supra ( setoran unggal poe rieut aing mah ). Anu mana di mana urang ngiridit katangtosan nana kudu nyetoran tiap sabulan sakali anu agengna aya anu 500 rebu 400 rebu, benten-benten….leres,,,,!! Atuh di mana-mana eta motor rutin di setoran ku urang lambat laun motorna oge karaos ni’mat di anggona. Tah ni’mat oge lamun di syukuran bakal tambih-tambih leres teu..??
                Tapi lamun urang nyetoran na rada kebluk, mayarna ka delerna teu rutin,januwari & febwuari mayar, jol maret heunteu. Pasti ti delerna mere surat tagihan, maksimal namah motor anu ku urang di pake bisa jadi di bawa deui secara paksa!!
                Sami halna jeung ni’mat anu mana Alloh SWT. teu pernah telat masihan ni’mat ka urang. Malah mandar ku anjeunamah di sampurnakeun ni’matna pikeun urang. Sakumaha dauhan nana :
                                                                ويتم نعمته
            Jeung parantos nyampurnakeun kami Alloh kana ni’mat maraneh kabeh
                 Tetapina eta ni’mat lamun teu di syukuran ka gusti alloh, maka pasti hasilna:
Kahiji sumping peringatan ti gusti Alloh ku mang pirang-pirang teguran nana. Conto sirah migren, irung nongtot leho, suku rematik, cangkeng encok, tah kudu waspada boa-boa eta teh peringatan ti Alloh,ka urang anu tara syukuran ka Anjeuna. Malah lamun urang ngger tara sukuran mah,
Bisa jadi ni’mat anu aya dina diri bakal di canak ku anu gaduhna. Harta beak,usaha ruksak, hirup balangsak, napas sesak, malahan ajal datang urang moal bisa ngelak. Sabab urang ges wani-wani kuffur kana eta ni’mat.
                                                                ولئن كفرتم ان عذابي لشديد
Hartosna: “Lamun anjeun kupur kana ni’mat ti pangeran, maka saestuna siksa alloh eta anu banget”.
Hadirin rohimakumulloh….
Ku hal sakitu ti ayeuna urang ulah hilap bersyukur ku jalan
                                                                صرف العبد جميع ما انعم الله به
                        Nasorupkeun sagala pamasihan anjeuna ku di pake ibadah di pake to’at
                Gering oge eling, pinter di pake bener, bodo oge di pake milarian kayaho. Beunghar di pake jeumbar, malarat oge ibadah ulah keundat-keundat. Mudah-mudahan ku jalan eta,urang termasuk jalma-jalma anu manjatkeunayukur ka dzat anu maha ghofur. Atuh sugan we ku eta syukur ni’mat urang moal kabur,malah tiasa nambihan kalayan mancur. Da hakikatna lamun urang getol bersyukur, di dunia moal lapur, maot dijero kubur, senantiasa aya anu ngahibur, di aherat ge bakal makmur……
Mung sakitu anu tiasa di sanggemkeun mudah-mudahan seeur manfaatna
Klw ada jarum yang patah
Jangan di simpan di dalam laci
Lamun sim kuring parantos da’wah
Kade amplopna sing kaharti
Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatu.

No comments:

Post a Comment

Contoh Da'wah Walimatul Arusy ROMANTIS (Rohmat,Mawadah,Ni'mat,Istiqomah)

Assalamu'alaikum Wr.Wb Puji sinareng puja hayu urang panjatkeun ka Dzat nu Maha Gagah, nyatana Alloh nu maha rohmah, anu parant...